Kembali ke DEE Academy
Digital Marketing 57 View

Prosesi Upacara Adat

Prosesi Upacara Adat

Assalamu'alaikum warohmatullahi wabarokatuh 

(Pa Haris)

" Sugrining palawargi anu sami linggih. Kanca baraya nu pada lenggah, Mugi janten uninga, wirehing dina dinten ieu pisan, Minggu 28 Juni 2026

Ku urang sadaya bakal kasakseni prosesi upacara adat paturay tineung kelas 12 Madrasah Aliyah Antassalam sareng kelas 9 SMP Iko Anata Putra Sim kuring saparakanca seja ngiring aub jabung tumalapung ngiring icikibung dina widang seni sunda. Sasieureun sabeunyeureun ngiring ngaguar titinggal karuhun

Sumangga urang kawitan... "

  • Musik Bubuka 
  • Tarian Payung 
  • Tarian Umbul-umbul 
  • Lengser 
  • Mapag Panganten (kelas 12 & 9) 
  • Sungkeman 
  • Ngaras (ngumbah sampean sepuh)

Prosesi acara sungkeman Narasi : 

Sajak (Pa Haris.) "... Geura lagukeun kidung liwung nu pamungtung Geura hariringkeun kawih asih tina ati Sugan teteg ieu lengkah nu rek lunta Sugan jembar ieu lengkah seja napak

Mun isuk balebat nyingray ti wetan Sarangege sumirat nyaangan langit Nanging boa saukur jadi kalangkang

Kalangkang dina eunteung panineungan urang Mungguh waktu, kapan jamparing anu melesat Nyiak ninggalkeun patok demi patok lalakon Raca tapakna jadi pilar-pilar kakelar ... "

Kapayunen Bapa Kepala Sekolah,, ieu murangkalih anu neda widi ... Ka papayuneun jajap murangkalih,, nu seja miang... (Kemudian 2 orang siswa sungkem)

Bapa : (Pa Endang) Narasi sungkeman : Anaking jimat awaking,,, disaksi langit nu caang, lir caangna hate Bapa ... Bungah anu tanpa tanding ... nyaksian hidep manjing sawawa ... Bapa kalih Ibu sadaya bungah tanpa wates wangen ... Hidep tinekanan, lawas mawa kameunangan ... Lalayang geus jagrag baris marengan... Pikeun ciri hidep ngagem pangarti,, sawangsulna ... Bapa sareng Ibu ngangres... inggis ku bisi, rempan ku sugan, henteu bisa nedunan kawajiban, ngatik hidep henteu nepi ka udagan... Deudeuh anaking ... Bapa sareng Ibu ngarasa reugreug ngajurung hidep ... Geuning teu nyana, ajen inajen dina galura rasa.. Nembongkeun hidep manjing sawawa, yen hidep bakal bisa mulang terima ku kaluhungan ...

Siswa laki-laki : (Pa Haris) Bapa,, ! Ibu ,, !" Abdi ngangres lebeting ati,,, Kageuingkeun angin nu, ririh ,, Abdi ngorejat emut ka wiwitan, abdi sadar yen hate abdi sanes tina hoe, kalbu abdi sanes tina batu, kabetrik ati katinggang mamaras rasa ku kaweningan galih Bapa sareng Ibu,, Abdi yakin Bapa sareng Ibu saparakanca dina ngatik sareng ngadidiki abdi sadaya pinuh ku kaweningan galih, limpas ku kanyaah nu nyata,, leubeut ku kadeudeuh anu teras maneh,, karaos pisan panggetrik Ibu, panggutik Bapa,, estu wungkul pangdidik,, nuyun abdi sadaya kana jalan nu rahayu ... Ayeuna pertela ngembang boled,, kapetik hasilna, ka ala buah na, putra nampi kana takdirna papasten Gusti nu Maha Suci... Luntur kalbu nu kasuhun,,, jembar manah nu di teda... Abdi sadaya neda dihapunten tina samudaying kalepatan .. rumaos,, abdi sadaya sering ngajaheutkeun manah Bapa kalih Ibu... sering ngajantenkeun Bapa miwah Ibu bendu ...

Ibu : (Bu Rena) Duh, anaking, kolot mah lautan hampura, rido jeung iklas, ibu reueus reugreug pageuh,, awor jeung kabungah, lamun hidep sarea bisa ngojayan pangalaman atikan mu leuwih luhur tur lega.. Tapi sawalerna ibu teu ridlo, bapa teu rela, lamun mah hidep kokoleaban na seuneu naraka alatan nyieun dosa na mangsa rumaja... Moal rela lamun hidup joledar tambelar kana tetekon ti anu Maha Limuhung,,, ibu humandeur hariwang sieun karandapan... Omat geulis, kasep, sing bisa nyiar elmu pangaweruh nu leuwih luhur ajen inajenna manan ti ieu Madrasah...

Siswa perempuan : (Bu Rena) Duh,,, bapa,, ibu,, sakitu seueurna kesang anu parantos ngucur dina enggoning ngatik ngadidiki abdi sadaya, poho kacape, poho kasieun. Bade kumaha abdi mulang terima? Nu pareng musingkeun, mungpang, ngabandel pikahariwangeun. Matak hese matak cape... Bapa,,, Ibu,,, Tinangtos bagjana ieu hate saupami Bapa miwah Ibu sadayana tiasa ngahapunten ka abdi sadaya,, Sareng dina danget ieu ... abdi sadaya neda pamit .... Seja nyungsi udagan anu tea can ka sorang... Seja ngudag kalangkang anyar ... kaberkahan sinareng kawaluyan,, aya dina kaweningan galih sareng pang du'a Ibu miwah Bapa ...

Bapa : (Pa Endang) Duh ... Anaking, geulis jeung kasep, wanci ieu harapan geus narembongan, nu ngagupay ka hidep sarea... Bapa sareng Ibu ngarasa reugreug ngajurung hidep ... Bral ... geura miang, tandang udag kahayang... Diandung pangestu ti ibu, dijajap pangdu'a ti bapa. mangka iyat na, kade lali ka lemah wadi.. Dinten ieu mangsa nu waluya ... pikeun saksi lekasan ti ieu sakola ... Mangka prak,, jung geura nangtung,, hidep geura ngadeg nu ajeg... Bismillah tawakalna anu diseja... Pileuleuyan hidep,,, pileuleuyan ...




💬 Pertanyaan & Jawaban

Materi Lainnya